Friday, July 4, 2008

Pangbagea ka nu milangkala, Puseuring ati nu diseja

Tepung kana panumbu waktu, dina tapak rumingkangna mangsa. Nya harita pisan anjeun mimiti gelar ka alam dunya, kersaning nu Kawasa. Sora anjeun nu munggaran, ngajomantara ka kaanggangan. Iber bewara, mawa beja. Hiji deui incu-putu Adam-Hawa, ngamimitian lengkah dialam fana. Teu karasa salira tepung deui jeung milangkala.

Geura sujud ka nu Maha Agung, geura muja ka nu Maha Kawasa. Syukur nu teu putus-putus, hamdallah di unggal lengkah. Hatur rebu nuhun kana umur, narimakeun yuswa kalayan sugema.

Renghap-renghap nu kaliwat, mugia sing jadi kifarat. Balaka rumasa loba dosa. Isukan nu masih nyesa, masing aya dina kaberkahan. Jembar dunya sagala rupa, sarta bagja akherat jaga.

Kapungkur, anjeun ngan ukur sirung, ayeuna hegar ligar jadi kembang.Endahna nyongcolang, mapaesan taman-taman kahirupan. Mulasan ati ku warna-warni kaasih. Geulis nu kawanti-wanti sing dibarengan geulisna pangarti. Endahna rupa, sing dipageran ku kahadean.

Geulis,
Baheula anjeun kembang buruan. Ayeuna geus tandang makalangan dibarengan ku mangrebu-rebu pangharepan. Mugi masing tinekanan, sagala nu jadi implengan, mugia walagri lahirna, bathinna.

Wilujeng milangkala geulis. Mugia aya dina jembar kawilujengan.

Panbagea ti kaangaangan, ditumpangkeun na dahan-dahan harepan sangkan katebak daya maruta, dipirig ku angin tingtrim, meuntas laut jeung benua. Dijajap ku kanyaah, dibeungkeut raket ku kadeudeuh. Ti tanah Aprika nepika anjog ka tatar sunda.

Malabo, Juli ping 4, 18:00 wat/Juli ping 5, 00:00 wib
Kanggo Puseuring Ati, nu gumelar 5 Juli

Wednesday, January 2, 2008

Mulang Tea

Poe ieu kuring seja miang
Mulang ka lemah cai
Poe anu paling dianti-anti
Ti mimiti nepi tug dugika kiwari

Pileuleuyan saheulaanan
Nagri nu jauh ti mana ti meni
Kuring rek ngajorag mapag kahayang
Seja ngancikeun asih ka pupujaning ati

Geulis,
Geura antosan ieu kuring mulang....

Malabo, Poe kadua di taun nu munggaran
2 Januari 2008

Monday, December 31, 2007

Kamana Anjeun, Hujan

Hareeng hate,
Daun-daun nu matak iyuh maluguran tina tangkalna
Malabo, tungtung taun

Poe ka poe,
Sarangenge beuki jentre
Manasan hate-hate nu rehe tur simpe
Jujukutan geus teu hejo deui
Beuki lila beuki garing
Hawa beuki ngaheab panas
Duh...usum hujan geuning amitan
Holodo geus datang mapag kahariwang
Iraha deui hujan rek datang

Beureumna layung hibar di mumunggang gunung
Peuting seja datang ditandaan wanci magrib
Angin peuting mawa tiis
Tapi hate ieu keukeuh bayeungyang
Lantaran geus lila teu tepang

Hujan teh kamana luntana
Kuring sono ka anjeun
Anjeun nu geus maseuhan taman hate
Ngucurkeun tiisna kaasih
Melakeun tangkal-tangkal kanyaah

Hawar-hawar beja
Geuning anjeun teh keur aya dilemah cai kuring
Lemah cai nu dipicinta
Tanah sunda parahiyangan

Hujan,
Kuring sono kaanjeun
Mudah-mudahan urang tepang deui
Tungguan kuring, tong waka lunta
Geura simbeuh deui ieu hate ku kadeudeuh

Hujan,
Tungguan kuring poe isukan
Ayeuna mah urang tepang ti kaanggan

Malabo, Equatorial Guinea - Aprika Belah Kulon
wanci geus ampir surup, taun 2007 rek amitan,
bral geura miang taun 2007, wilujeng sumping 2008
keur jungjunan, nu aya dikaanggangan

Thursday, December 27, 2007

Pangmependekeun ieu hate
Anu keur icikibung dina simpe
Mapay guratna jalan kahirupan
Apruk-aprukan dileuweung katineung

Pangmependekeun ieu hate
Anu keur neangan tempat mihape
Pikeun neundeun kadeudeuh nunda kanyaah

Duh...bentang kamelang
Naon atuh nu aya satukengeun kiceup anjeun
Estu nyumputkeun rusiah nu kacida jerona
Sok geura ebrehkeun eta bangbaluh kalbu
Sangkan kuring bisa tibra ngalengkah ka alam impian

Duh...bentang kamelang
Iraha atuh urang bisa duaan ngahiji
Ucang angge dina bulan nu sapasi
Bari ningali ka alam dunya nu milu bagja
Keur dua hate nu pada-pada mikaheman


kanggo pupujaning ati,
nu keur kapisah ku anggangna mangsa,
sono ieu, asih ieu, kanyaah ieu
estu ngan keur anjeun
tungtung peuting

...tungguan kuring ditungtung peuting,
na mangsa wanci janari nu rek amitan,
urang papag beurang ku pangharepan,
duaan;kuring jeung anjeun...

Thursday, October 18, 2007

Sakapeung--

Sakapeung,
Mangsa asa ku lila, ngarayap satapak-satapak. Kitu pisan nu karasa ku kuring ayeuna. Asa ku seuseut-seuseut teuing ieu waktu lumampah. Wanci geus jam 9 peuting ceuk waktu didieu, Malabo-Equatorial Guinea, Aprika. Masih, masih di alam dunya, masih dibumi nu ieu. Bumi damelan Gusti nu maha suci. Beurang geus amitan sababaraha jam katukang, nyesakeun poek nu nyerelek. Simpe, sakumaha poe-poe nu geus kaliwatan. Kuring dipepende ku simpe. Ngateurkeun ka alam implengan, mapag alam pangimpian...sakeudeung deui.

Sakapeung,
Waktu karasa sakolebat, marengan renghap-renghap anu ngudag. Ngudag-ngudag kahirupan. Detik jadi menit, menit jadi jam, jam jadi poe, poe antukna jadi minggu, bulan tur taun. Ehmm....tetela, geus panjang lalampahan teh. Tapi naha bet asa ngan sakolebatan. Nyata bener ceuk kolot, hirup teh ngan sakotret kayu api. Bener oge lamun ditingali ka dinya mah, lamun urang ngan dudunya jeung dudunya we. Estu bakal ti teuleum katungkul ku kendahan dunya, nepika poho kana lalampahan. Poho ka temah wadi, poho yen urang teh ngan saukur nyimpang di alam dunya. Moal karasa umur anu geus puluhan taun teh asa ngan sakocepat.

Minggu ka dua,
Enya, ieu minggu ka dua kuring di satengahing lalampahan ngambah kahirupan, neang pakasaban. Tug nepi ka didieu, nepi ka anu ngarana benua Aprika. Ieu balikan ka opat kuring ka dieu, nya...ceuk kuring ge, teu karasa. Dalapan bulan ti mimiti kuring di tugaskeun kadieu.

Tilu minggu deui,
Cag ah, dalah di kumaha oge. Sono ka lemah cai tanah pasundan. Keukeuh, tilu minggu deui kuring seja mulang...tilu minggu deui..

Titip heula pangharepan,
Seja titip pangharepan, lantaran kuring rek miang. Miang heula ka alam impian, sugan bisa patepung jeung nu jadi pusering ati, pupujaning ati, nu jadi paniisan pikir. Ngahudang sumanget...

Puseuring ati, tungguan kuring rek nemonan salira...

"ti kaanggangan"